Kamis, 09 Februari 2012

Desa bayuning

SEJARAH DESA BAYUNING - KADUGEDE - KUNINGAN JAWA BARAT

SAJARAH BAYUNING

Sajarah Bayuning moal bisa dipisahkeun jeung sajarah Kuningan, sabab ditempo tina wewengkonna kaasup wewengkon Kuningan, sarta teu jauh, ngan saukur kaheuleutan ku pasir bungkirit wungkul.
Lamun dina taun 752 Masehi, atawa dina awal abad ka 8 di Kuningan geus aya karajaan, anu harita anu jumeneng rajana kakasihna Seuweukarma, ngagem agama Hindu, tangtu bae Bayuning oge kaasup wewengkon karajaan Kuningan, anu rahayatna ngagem agama Hindu.
Unggal-unggal wewengkon pasti aya anu pangheulana bumen-bumen ditempat eta, anu saterusna jadi kokolot atawa anu ngababakan didinya.

Di urang, di Bayuning ayeuna, anu harita ngababak-babakna teh nyaeta Senapati Artawiguna, katelah Pangeran Bayuantara, ari istrina kakasihna Pangeran Andayasari atawa Pangeran Bayuningsih.
Istri sareng pamegetna the estuning sauyunan pisan, dina kahirupanana ngaluyukeun kana kaayaan alam harita, cai curcor ti unggal ci nyusu, caina canembrang herang, pantes lamun anjeunna betah bumetah di tempat ieu.
Nurutkeun unggeling carita mah, garapana oge dibagi wewengkon sewang-sewangan, carogena nyaeta Pangeran Bayuantara Beulah wetan, ari istrina nyaeta Pangeran Bayuningsih Beulah kulon.
Ari nu disebut beulah wetan nyaeta wewengkon cipulus ka wetankeun, anu ayeuna disebut Birit Dayeuh. Hanca garapan istrina, nyaeta pangeran bayuningsih beulah kolon the pusatna di Karamat, kampong Pahing ayeuna, sok disebut oge Bujal Dayeuh.
Di Cibayuning, tapi ka kiwari masih keneh aya ciri, tutunggul batu jeng tutuwuhan pipireunana., hanjuang jeng kacapiring, mun teu salah baheulamah didinyateh aya balong, anu caina tina ci nyusu.
Aya Birit Dayeuh, aya Bujal Dayeuh, tangtu bae aya Hulu Dayeuh, anu pernahna kuloneun lembur ayeuna.
Ceuk dongeng kolot baheulamah, yen Bayuning teh nu ngagegeuhna istri, jenenganana Pangeran Andayasari, mun aya nu pareng ngawenehankeunmah geulis ka wanti-wanti, rambutna ngarumbay panjang kacida.
Ku hal-hal anu tadi bisa nyieun kacieundeukan, yen bayuning teh nyandak tina ngaran anu ngababak-babakna, nyaeta bangeran Bayuningsih.
Bayuning teh ngandung harti, arti bayu hartina angina, ning tina bening atawa wening, hartina beresih, harti sagemblengnamah nyaeta angina anu beresih, muga-muga bae saterusna Desa Bayuning teh desa anu angina beresih, disinglar tina polusi.
Aya oge anu nyebutkeun yen Bayuning teh tadinamah Banyuning, ngandung harti cai anu beresih atawa herang, ieu oge teu salah sabab Bayuning teh beunghar ku ci nyusu, anu caina canembrang herang.
Di unggal tempat cinyusu, sok disebut oge hulu cai, baheula mah geueuman, pikakeueungeun, sabab harieum ku tatangkalan anu galede, kayaning bunut, caringin, pulus jalatong jeung rea-rea deui samalah tempat anu sarupa kitu teh sok dianggap sungil, taya jalma nu ngulampreng, komo ngaganggumah kana tatangkalan anu aya didinya estu di pahing pisan.
Eta teh akal karuhun urang sangkan ulah aya nu ngaganggu, tepikeun ka caina tetep ngagolontor, mereun ayena mah disebutna teh hiji usaha ngalestarikeun alam.
Anyar keneh pisan, hulu cai cigugula, anu pinuh ku tatangkalan galede, nyaeta pulus jalatong, di barukbak dijieun sawah, atuh dina parengna ayeuna butuh ku cai teh, hese bari jeng leutik.
Numatak taya bayana urang anu jadi pangwaris karuhun urang, kudu aya hojah pikeun mulasara unggal-unggal hulu cai pikeun kahirupan balarea.
Sakumaha anu kaunggel dina sajarah Kuningan, kira-kira dina taun 1481 Masehi, Syeh Syarif Hidayatullah nyumpingan Luragung, Ki Gedeng Luragung lebet Islam di saksesan ku Ki Gedeng Kuningan, sabab ari Ki Gedeng Kuningan mah geus asup Islam ti heula.
Puseur Pamarentahan kaadipatian Kuningan di Winduherang ayeuna, anu jadi Adipatina Kakasihna Pangeran Arya Kamuning, anjeuna boga kawajiban iwal ti ngatur pamarentahan , oge nyebarkeun agama Islam.
Wates-wates kaadipatian Kuningan, ti kaler wates walungan Cilengkrang, kurucuk ayeuna, ti kidul wates panjalu, ti wetan wates kaadipatian geban, da ciawi oge haritamah kaasup erehan Kaadipatina gebang, nu matak ayeuna di sebut Ciawi Gebang.
Bayuning teh ayana dina erehan Kaadipatina Kuningan, lir ibarat tepung wates jeung winduherang ngan saukur kahalangan ku pasir Bungkirit jeung pasirwangi.
Tugas Adipati Kuningan, lian ngatur pamarentahan oge boga tugas nyebarkeun Agama Islam, kukituna nyebarna agama Islam di Bayuning harita, tangtu sekeseler atawa utusan ti kaadipatian, sanajan ceuk salah sahiji carita yen anu nyebarkeun agama Islam di Bayuning teh utusan ti Grage atawa Cirebon.
Ari anu harita diutus teh diantarana bae Eyang Dapur, Eyang Tapan duanana makamna di kebon kadu, Eyang Dalem Martanaya, Eyang Syukur Salim Makamna di Cikalapa, Eyang Tubagus Pawenang makamna di pasir, Eyang Marmagati makamna di Munjul jeung Eyang Jaksa makamna di kebon pinang.
Teu kacaturkeun ari Pangeran Bayuantara jeung Pangeran Andayasari asup Islam atawa heunteu, da ari anu kacaritakeun mah Pangeran Bayuantara, sanggues datang anu nyebarkeun agama Islam di Bayuning, anjeuna neruskeun lalampahanana ngajugjug hantara, tepi ka pupusna di Cipicung.
Kumaha ari Pangeran Andayasari, anjeuna tetep-tumetep di Bayuning, dugi kapupusna, ngan teu kacaritakeun dimana hunyuranana, moal kapaluruh sabab et amah agamana agama Hindu.
Dina nyebarkeunana agama Islam di Bayuning make cara sewang-sewangan nurutkeun kaahlian gumantung kana pangaweruh jeung kasaktena.
Salah sahiji conto kasakten Pangeran Tubagus Pawenang, nyacag rangrang awi, di awurkeun dihiji tempat anu katelah nyangkoak, tepi kakiwari nyangkoak teh jadi kebon awi salilana.
Nyangkoak teh ngandung harti tempat nyangkokeun awak, mun ku urang di tapakuran ngandung harti tempat nyumponan pangabutuh balarea, sabab kabutuhan manusa teu bisa dipisahkeun tina awi, ari harti anu sejen nyaeta tempat pangnyamunian dina mangsana perang, eta duanana oge karasa ku sararea, babakuna ku masyarakat entragan jaman revolusi.
Tempat-tempat sejen oge aya caritana, ngan et amah urang pisahkeun bae, sugan jaga kasampeur, urang susun dina kumpulan sasakala tempat-tempat anu aya di Bayuning, contona Cikalapa, Gubah, Kubur goong, pasir dogdog jeung nu liana, malakmandar aya mangfaatna pikeun ngajembaran carita balarea.
Samemeh Pangeran Kuningan jeung Pangeran Arya Kamuning sawawa, anu nyekel kalungguhan kaadipatian kuningan teh nyaeta kersana Dipati Ewangga, itung-itung ngawakilan ngatur pamarentahan.
Dina bulan Muharam, pancegna pisan mah dina tanggal 1 September 1498, Pangeran Kuningan geus sawawa pikeun nyekel kaprabon kaadipatian Kuningan, nuluykeun hanca garapan Dipati Ewangga.
Nya ti harita pisan, tanggal 1 September dijadikan pikeun mangsa pangeling-ngeling hari jadi Kuningan, sok direuah-reuah kacida rongkahna, samalah sok ngelehkeun pangeling-ngeling Kamerdekaan Republik Indonesia ramena teh.
Sanajan geus aya kaadipatian oge, ari ngatur nepika padesaan mah tacan nepi, kakara ngatur pamarentahan sa Kaadipatian wungkul, sakumaha nu geus di tangtukeun watesna-watesna.
Ari nu ngatur rahayat Bayuning harita, boh aturan boh kahirupan, dipercayakeun ka kokolot anu gede pangaruh jeung wibawana, sarta dipercaya ku kanjeng Adipati, cindekna mah jalma pilihan, gede wibawana, dipikaserab ku balarea sarta daek kumawula ka kanjeng Adipati.
Dina taun 1596 urang Walanda ti Erofa datang ka Indonesia, anu mimiti badaratna di pelabuhan Anyer Banten. Mimitinamah maranehna rek dagang, ngadon dagangan ti urang, jualeun di Erofa. Tapi lila-lilamah lain ngan saukur dagang, saterusna mangaruhan raja-raja, babakuna raja-raja di pulo jawa, sangkan bisa gawe babarengan, pikeun kapentingan maranehna.
Dina taun 1602 urang walanda ngadegkeun kongsi anu disebut Verinigde Osindice Compagni disingget VOC anu puseurna di Batavia, anu ceuk letah urang sunda mah disebutna Batawi, Jakarta ayeuna.
Lain saukur ngadegkeun kongsi. Lila-lila tujuanna robah, jadi ngajajah, nepikeun raja kaya ti urang di bawaan kanagarana, atuh puguh bae ngarugikeun ka bangsa urang, nepi ka antuknamah loba raja-raja anu baruntak ngajorag merangan Walanda.
Diantara raja anu baruntak, nepi ka ngajorag ka batawi merangan Walanda, nyaeta raja Mataram kakasihna Sultan Agung, dina taun 1628.
Para prajurit Mataram katut rahayatna anu geus sawawa, ngeleut keungkeuy ngabandaleut leumpang mapay pasisir kaler pulo Jawa, sebab angkeuhanna rek diserangna ti darat jeng ti laut.
Ari dina prungna perang mah harita, prajurit mataram kadeseh, teu bisa walakaya, sabab eleh ku pakarang, bubuhan walanda mah pakarangna oge geus samagreng, geus aya bedil jeung mariem sagala.
Dina lalampahan prajurit mataram ngajugjug Batawi teh laleumpang, anu tangtu sajajalan loba nu tinggaleun teu bisa neruskeun lalampahanana, teu saeutik anu terus tetep tumetep di tempat pangreureuhan.
Ti harita pisan Pasundan, babakuna beulah kaler loba kapangaruhan ku budaya mataram, hiji cirina nya eta ti mimiti Cirebon nepi ka banten basa sapopoena ngagunakeun basa jawa.
Samalah kasauran Bapa Ayif Rosidi, urang Jatiwangi, anu nyepeng kalungguhan guru besar di paguron luhur Jepang, baheula mah para Bupati ti pasundan, unggal taun kudu seba ka mataram, sakalian bari mawa upeti. Dina waktu seba tea para bupati diajar tata titi di karaton, katut diajar undak usuk basa.
Kulantaran harita geus aya anu disebut Bupati, anu ngereh sa kabupaten, ku pamarenatah walanda harita, dilengkepan aya asisten wadana, aya kuwu. Mun teu salah mah sesebutan ka bupati oge kanjeng dalem, ari ka asisten wadana nyebutna bendara, ka kuwu nyebutna juragan.
Ku alam ayeunamah, paparentahan harita disebutna pamarentah peodal, sabab tata-titina jiga di karaton.
Dina taun 1682 pisan desa Bayuning ngadegna, anu jadi pupuhu pamarentahan harita disebutna kuwu, duka dipilih ku masyarakat kawas ayeuna, duka di tunjuk ku asisten wadana atawa bupati, eta mah can kapaluruh, komo nepi kana hal lengkep atawa henteu jeung sekeseler pamong desana.
Anu jeneng Kuwu munggaran di Desa Bayuning kersana Eyang Jaksa, nurutkeun katerangan mah anjeuna nyepeng kalungguhan salila 50 taun, nyaeta ti taun 1628 nepi ka taun 1678.
Anu perlu dipaluruh, nyaeta Eyang Jaksa anu di pendem na di kebon pinang, jeung Eyang Jaksa anu jeneng kuwu munggaran, jalmana teh eta-eta keneh atawa lain.
Keur waktu saha anu jadi bupatina di Kuningan, tanggal sabaraha bulan naon, eta mah kudu kapanggih heula bisluitna, ngan biasana dina waktu jaman walanda mah ari ngangkat pagawe teh dina tanggal munggaran bulan Agustus, kuring mere kacindekan yen Desa Bayuning ngadeg dina tanggal 1 Agustus 1628, nepi kataun 2002 teh geus 372 taun.
Kuwu anu kadua, ngagentos eyang Jaksa, kersana eyang Sastra, sok disebut oge eyang Bewu anu hartina lebena kuwu. Nempo ti sesebutan tadi tetela pamarentah desa teh tacan lengkep kawas ayeuna, sabab sakalieun lebe oge masih keneh dirangkep ku kuwu.
Eyang Sastra oge lila jeneng kuwuna teh, sarua jeung Eyang Jaksa, 50 taun, nya eta ti taun 1678 nepi ka taun 1728. Naha geuning lalila kitu, sabab haritamah ereunna teh, atawa nyekel kalungguhan nepi ka pupus.
Geura urang tataan saha bae jeneng kuwu di Bayuning nepi ka taun 2003, bari sakalian mangsana :
I. Mangsa Jajahan Walanda
1. Eyang Jaksa 1628 – 1678
2. Eyang Sastra (Bewu) 1878 – 1728
3. Bapa Kolot Jairah 1728 – 1778
4. Bapa Kolot Imu 1778 – 1815
5. Bapa Kolot Idras 1815 – 1855
6. Bapa Kolot Ibang 1855 – 1873
7. Bapa Kolot Dikarama 1873 – 1876
8. Bapa Karma Wijaya 1876 – 1884
9. Bapa Jayanata 1884 – 1912
10. Bapa Raksawijaya 1912 – 1928
11. Bapa Kartawijaya 1928 – 1938
II. Mangsana Jajahan Jepang
12. Bapa Natapraja 1945 – 1958

III. Mangsa RI nepi ka kiwari
13. Bapa S . Amintadijaya 1945 – 1958
14. Bapa U.Karnaplawira 1958 – 1968
15. Bapa K.A. Sukandi 1968 – 1984
16. Bapa Misju Ewo Somantri 1984 – 1993
17. Bapa Soma Madjasutisna 1995 – 2003

Ti taun 1993 nepi ka taun 1995 teu aya kuwu anu difinitif, saheulaan di jabat ku kersana Bapa kaur ekbang nepi ka waktuna aya pilihan nyaeta taun 1995, kersana Bapa U.Usnadi.
Dina jaman ngalawan walanda, ngarebut kamerdekaan, urang Bayuning henteu kaasup anu hengker, sabab aya salah sahiji tokoh agama nyaeta Bapa Kiai Abdul Jalil, salah saiji anggota sarikat Islam, kungsi dibuang ka Digul babarengan jeung Bung Karno.
Mangsa revolusi teu tinggaleun babarengan jeung tentara gerilya, samalah gegeden tentara harita markasna teh di Bayuning, Saperti Bapa Umar Wirahadikusumah, Bapa Rukman. Bapa Abi Manyu jeung deui nu lianna.
Dina mangsa harita urang Bayuning pituin anu milu bajuang, teu wudu aya nu korban nepi palastra ku pakarang musuh nyaeta walanda, samalah duaan anu di tawan ku walanda teu mulang deui sarta teu puguh hunyuranana.

wisata darmaloka

Balong Keramat Darmaloka

Balong Keramat Darmaloka
Balong Keramat Darmaloka adalah tempat terakhir di daerah Kuningan, Jawa Barat, yang kami kunjungi beberapa waktu lalu, beberapa saat setelah meninggalkan lokasi Waduk Darma. Balong Keramat Darmaloka tampak sudah agak sepi ketika kami tiba, mungkin karena saat itu hari sudah beranjak agak sore.
Lokasi Balong Keramat Darmaloka terletak di Desa Darma, Kecamatan Darma, beberapa meter dari tepi jalan Cirebon – Kuningan – Ciamis, masuk melalui sebuah belokan tajam dan jalan menurun yang curam. Jarak dari Waduk Darma ke Balon Keramat Darmaloka sangat dekat, hanya sekitar 1 km.
Balong Keramat Darmaloka
Gerbang masuk ke Balong Keramat Darmaloka yang terlihat agak unik. Balong Keramat Darmaloka ini konon merupakan sisa peninggalan yang berkaitan dengan kegiatan penyebaran agama Islam pada jaman Walisongo.
Balong Keramat Darmaloka
Di Balong Keramat Darmaloka pengunjung juga bisa menjumpai Ikan Kancra Bodas, meskipun air kolamnya terlihat agak keruh, tidak sebening air Kolam Cibulan.
Balong Keramat Darmaloka
Pepohonan hijau rimbun tumbuh subur di dalam lingkungan Balong Kramat Darmaloka, memberikan suasana teduh dan sejuk di dalam kompleks, selain juga menebar aroma mistis, terutama pada sore hari.
Balong Keramat Darmaloka
Karena jaraknya yang cukup jauh dari tepi jalan raya, suasana di dalam lingkungan Balong Keramat Darmaloka ini cukup hening, dan sepertinya sangat sesuai untuk melakukan kegiatan meditasi.
Balong Keramat Darmaloka
Di dalam kompleks Balong Keramat Darmaloka terdapat beberapa makam dan petilasan yang dikeramatkan oleh masyarakat setempat, diantaranya adalah makam Syekh Rama Irengan, dan beberapa makam lainnya yang tempatnya terpisah-pisah, seperti makam Aria Salingsingan, mBok Bukit, serta makam penari ronggeng Sari Kuning – Sari Kembang. Penduduk setempat percaya bahwa Syekh Rama Haji Irengan telah membuat kolam keramat Darmaloka hanya dalam waktu semalam.
Kebanyakan ziarah, mandi malam jumat kliwon, jam 12-jam 1 sampai jam 3, di sebuah sumur yang dikelelingi bebatuan. Pada malam Jumat kabarnya tempat ini ramai dikunjungi oleh para peziarah yang ingin mengalap berkah. Bahkan ada tempat di ujung kiri Balong Keramat Darmaloka yang digunakan untuk mandi tengah malam, yang konon merupakan pemandian para wali.
Balong Keramat Darmaloka
Kolam, atau balong, yang berada di kompleks Balong Keramat Darmaloka ini ada beberapa buah, yang masing-masing disebut dengan nama Balong Ageung, Balong Bangsal, Balong Beunteur, dan Bale Kambang dan Balong Panyipuhan.
Di Balong Keramat Darmaloka ini terdapat tiga buah mata air, yaitu mata air Balong Beunteur, Cibinuang dan Cilengkeng, yang kesemuanya berasal dari Situ Sanghiang Telaga.
Balong Keramat Darmaloka
Mengunjungi Balong Keramat Darmaloka pada sore hari memang terasa agak wingit, meskipun saya tidak mengunjungi makam atau petilasan yang berada di sana. Barangkali karena suasananya yang hening dan sepi, serta banyaknya pepohonan besar dan rimbun di sekeliling kompleks yang konturnya berbukit-bukit ini.

Balong Keramat Darmaloka

Desa Darma, Kecamatan Darma,
Kuningan, Jawa Barat

macam macam gambar peralatan kantor